Di Kacamatan Singajaya Kabupatén Garut, perenahna di Kampung Batuwangi
Désa Ciudian aya hiji makam nu nepi ka kiwari masih dikaramatkeun ku
masyarakat sabudeureunana. Malahan, teu saeutik nu daratang ti luar
wewengkon Garut ngadon jararoh ka éta makam, utamana dina tiap bulan
Mulud. Éta makam téh cenah tempat dikurebkeunna hiji raja di kadaleman
Batuwangi baheula. Ku masyarakat kampung éta mah, tug, nepi ka kiwari
makam téh salawasna dipulasara sabab éta tokoh dianggap luluhurna. Cenah
mah, di Kampung Batuwangi nepi ka kiwari aya kapercayaan nu masih
pagéuh dina kayakinan masyarakat éta kampung. Numutkeun kapercayaan éta,
cadu pikeun turunan Batuwangi ngadahar hulu hayam. Lamun pacaduan éta
dirempak bakal aya mamalana ka éta jalma. Kumaha atuh cenah sasakalana
aya kajadian kitu téh?
Baheula mangabad-abad ka tukang di Kampung Batuwangi aya hiji kadaleman
ngaranna Kadaleman Batuwangi. Ari wates wewengkonna ti Pamegatan
Pacing, nepi ka Pamegatan Cikajang ayeuna. Kadaleman Batuwangi mashur
kacida nalika dinarpatian ku Bagénda Raja Batara Rayu Kinasihan. Salian
ti éta raja luhung arif tur wijaksana, ogé ngagaduhan hiji puteri geulis
"titian Dewi", nu jenenganna Nyi Puteri Kentring Manik.
Kageulisan, kaayuan tur kabinangkitan sang Puteri nambahan kaseungitan
tur kamashuran Kadaleman Batuwangi waktu harita. Sang Puteri éta jadi
lambang kageulisan wanoja balaréa alarn harita. Sikep, pari polah sareng
Bandanna dijadikeun panutan, utamina ku para wanoja sasamana.
Kocap kabinangkitan, kageulisan tur kaayuan Puteri Kentring Manik lain
ngan saukur dipika ajrih di Kadaleman Batuwangi, tapi kanyataanna
seungit ka luar kadaleman éta. Malihan Putera Mahkota Raja Galuh
jenenganna Rangga Wulung nu mashur kasép, cerdas, tur komaraan ngaraos
kasmaran, kapetik asih kapentang asmara ku sang Puteri. Mimiti anyar
pinanggih, paamprok jonghok patepang raray nu kasép sareng nu geulis
nalika Rangga Wulung dipiwarang ramana ti karajaan Galuh kudu ngayakeun
gawé bareng dina widang tatanén sareng Kadaleman Batuwangi. Waktu harita
pisan jamparing asih nu duaan silih nurus ati, ti kawit paadu teuteup
nu sumerep kana emun-emunan, sapada harita "Déwa Asmara" ngancik dina
diri séwang-séwangan.
Di Karajaan Galuh
Ayeuna urang kocapkeun kaayaan di Karajaan Galuh.
Rangga Wulung ngagaduhan rai pameget hiji-hijina nu satia tur satuhu ka
anjeunna. Ka mana waé angkat Rangga Wulung, raina teu weléh ngingiclik.
Salawasna jadi réncang, mikanyaah tur mikaasih pisan ka nu jadi rai, teu
sirikna lir gula jeung peueutna. Ari jenengan rai Rangga Wulung téh,
Rangga Dipa.
Singket carita, nincak sababaraha bulan Puteri Kentring Manik sareng
Rangga Wulung ngaitkeun tali asih. Pihak kulawarga Rangga Wulung ti
karajaan Galuh parantos singkil badé ngalamar sang puteri. Saméméhna,
kantos Rangga Wulung nyuhunkeun saran tur kamandang ti raina nu
dipikaasih téa Rangga Dipa ngéunaan lamaran anjeunna ka Puteri Kentring
Manik.
"Rai kakang, Rangga Dipa. Kadieu geura! Kakang aya picarioseun ka rai." Dawuh Rangga Wulung dina hiji mangsa.
"Sumangga kakang, badé aya picarioseun naon? Rai sayaga ngupingkeunna
naon nu baris disanggémkeun. Malihan rai badé tuhu ngalaksakeunnana
Waler Rangga Dipa.
"Rai, numutkeun kamandang kakang, parantos waktosna kakang ngalamar tur
éngal-éngal ka Balé Nyungcung sareng Nyi Puteri Kentring Manik. Ari
kamandang rai, kumaha?" Rangga Wulung naros ka raina.
"Kakang Rangga Wulung nu ku rai dipiasih. Saupami éta parantos janten
kaputusan kakang kalayan pinuh ku tinimbangan tangtosna rai éstu
sapagodos. Saéna mah pami taya halang-harungan purnama nu badé dongkap
kakang sareng aceuk Puteri éngal baé ka Balé Nyungcung. Mudah-mudahan
sagala harepan urang kenging widi ti ramanda Raja." Waler Rangga Dipa
pinuh kagumbiraan.
Liwat sababaraha bulan saparantos Rangga Wulung ngalamar sang Puteri ti
Kadaleman Batuwangi, niti wanci nu mustari nincak mangsa nu utama, poé
nu dianti-anti ku kulawarga karajaan tur sakabéh rahayat, yaktos poé
jatukrami agung antawis putera Raja Galuh nu gandang, kasép
ngalénggéréng konéng sareng Puteri Raja Batuwangi nu geulis campernik,
abong puteri titisan Dewi.
Poé harita dua insan istiméwa calik dina palaminan. Pangantén wanoja nu
géulis lir titisan Dewi Sinta. Kitu deui pangantén pameget kasép lir
titisan Déwa Batara Rama. Katinggali éta pangantén pinuh ku kabahagiaan,
bagja laksana, kauntun tipung kaantay béas, hamo badé pipisahan nepi ka
pakotrék iteuk, ceuk paribasana.
Kakuping gumuruh surak hadirin, ogé kulawarga dua karajaan nu geus jadi
bébésanan nyakseni upacara, akad nikah. Éta hal nandakeun yén hadirin
ngaréstuan pisan jatukrami dua putera raja téh. Saparantos acara.
"sungkem" ka ibu sareng ka rama masing-masing pangantén, sakumaha adat
kabiasaan dina acara jatukrami waktu harita sok diteraskeun kana acara.
"huap lingkung". Dibarengan ku suka bungah, pinuh kabagjaan éta sapasang
panganten silih huap. Acara beuki ramé sabab hadirin masih satia.
nyakseni.
Supata Raja
Nalika Rangga Wulung ngegél hulu hayam ana gécrot polona mécrét meneran
pisan pinareup sang Puteri. Sang Puteri ngaraos kuciwa pisan ku
kajadian. Ninggali kajadian kitu, Rangga Dipa nu ti kawit acara nyakséni
pinuh bagja lantaran nyaah ka nu jadi raka, Rangga Wulung. Sapada
harita éngal nyabut carécét ti jero saku acukna, teras nyaketan sang
puteri. Anjeunna ngagedek teras sapada harita meresihan cai uteuk nu
ngotoran raksukan pangantén lebah dada sang Puteri.
Tapi kumaha balukarna, ku kajadian singket harita.
Rangga Wulung ngaraos timburuan dina manahna. Anjeunna éngal neuteup
Rangga Dipa ku teuteupan soca pinuh dendam. Duhung nu aya dina
cangkéngna dicabut. Iblis parantos ngarasuk kana jiwana. Haténa
ngagebleg poék. Atuh, teu antaparah deui ngan...
Bles... bles!
Duhung Rangga Wulung niir jantung Rangga Dipa. Rangga Dipa sapada harita
rubuh taya dikieuna. Namung, saméméh ajal dipungut ku nu kagungan
sempet ngedalkeun lisan ka rakana kalayan pinuh kaihlasan.
Pok nyarios.
"Kakang, rai teu aya haté colonos, éstu bersih haté bangblas, nyaah ka nu jadi lanceuk, teu aya geuneuk maleukmeuk!"
Ngadangu cariosan raina kitu, Rangga Wulung teu tata pasini deui saharita keris anu lamokot ku getih téa...
Bless... bless!
Ditubleskeun ka anjeunna meneran pisan jajantungna, golépak harita kénéh
lastari ngemasi pati di payuneun garwana Puteri Kentring Manik.
Nyaksian kajadian kitu, nu teu disangka sacongo buuk hadirin molohok
ngembang kadu. Sang Puteri nangis prihatin tur tunggara, téxas kapiuhan
saharita. Teu antaparah deui ninggali katunggaraan éta Bagénda Raja Rayu
Kinasihan ngucapkeun supata.
"Ti semet ieu
keur turunan kaula
cadu ngadahar hulu hayam!"
Tah, sakitu Sasakala Turunan Batuwangi Cadu ngadahar hulu Hayam téh.
Cenah, lamun aya diantarana salah saurang turunan Batuwangi ngarempak
éta pacaduan, sok aya balukarna nu baris tumiba ka manéhna. Umpamana
ngadadak budug sirah nu Hésé kacageurna.